Khodam Buntut Lutung
[Instrumental]

Lasut Nyanggut
Lyrics: Surya Fikri Asshidiq
Music: The Panturas
Aaaaa…
Keun déwék nguseup sorangan
Paduli béntar déwék siap meulah lautan
Jeujeur anyar kukumul herang
Leuwih marahmay tibatan béntang
Rék ka hilir. Rék ka girang
Ku déwék sihir laukna beunang
nyokot eupan tong asal eupan
méh lauk nyanggutna gancang pisan
cokot teri atawa pélét sugan kabéh daék ngarérét
genep jam lila déwék dagoan
kakara pisan rék beubeunangan
nu diarep tuna cakalang
eh nu nyanggut kalah jurig jarian
Lung ka hilir siriwik ka girang
(Sing horéng beunang jurig jarian)
Rungsing kieu matak kapikiran
(Sing horéng beunang jurig jarian)
Ku jangjawokan ménta siluman
(Anggeur nu beunang jurig jarian)
Jampé jampé harupat gera gedé gera lumpat
Lain méré mangpaat ngadon jadi ngabeubeurat

Sangsara in Cumbia
Lyrics: Surya Fikri Asshidiq
Music: The Panturas
Cak cakakak seuri ajrét-ajrétan
Sapeuting pisan meunang, duit narembongan
Cak cakakak seuri ajrét-ajrétan  
Sagala dewa béntar wani dicooan
Cak cakakak seuri ajrét- ajrétan
Karanjingan masang, manehna bébéakan
Marukan beunghar salilana
Jangar jangar ujug boga sametan
Mimiti dulur, batur, jeung kabéh dianjukkan
Jangar jangar ujug boga sametan
Keukeuh tanggah sanajan réa nu nagihan
Jangar jangar ujug boga sametan
Tungtungna datang préman siap jang neungggeulan  
marukan beunghar salilana

Ulah reuwas sagalana ukur titipan
Trang koléntrang barang di balang-balang
Pabalatak imahna, awakna, beungeutna.
Trang koléntrang barang di balang-balang
Mangbulan-bulan nunggak, manéhna ngagoak.
Trang koléntrang barang di balang-balang
Ayeuna hirupna geus ruksak teu mangrupa
Marukan beunghar salilana
Padahal ukur mimitina
Tuntungna ruksak salilana

Jimat (ft Doel Sumbang
Lyrics: Rizal Taufikkurohman
Music: The Panturas

Loba néangan dulur, boga kaweruh nu luhur
(Bobot pangayom)
Teu poék néangan jalur
(Timbang taraju)
Bisa ngariksa diri, sangkan hirupna mandiri
(Asak rampa)
Teguh boga jadi diri
Teu ka bawa sakaba-kaba
Ngalayang katebak angin 
(Cakakak di leuweung, Injuk talina)
Ngangkleung ti hilir ka girang
(Dihakan dibeuweung, Hitut jadina)
Teu boga jimat nu jadi Pamuntangan
Leumpeuh papalidan
Nété taraje nincak hambalan
Caringcing pageuh kancing saringset pageh ikét
Kalakuan pagiri-giri calik, pagirang-girang tampaian 
Teu unggut kalinguan, teu gedag ka angina
Tunggul diparud, catang dirumpag
Ngeduk cikur kedah mihatur, nyokél jahé kedah micarék
Ngalayang katebak angin 
(Cakakak di leuweung, Injuk talina)
Ngangkleung ti hilir ka girang
(Dihakan dibeuweung, Hitut jadina)
Nu ngaran hirup dunya mah ngumbara
Nyimpang kur saliwat

Talak Tilu
Written by Kosaman Djaya
Originally Performed by Upit Sarimanah
Mana nyeri nyeri nyeri teuing
Peurih ati di tambélarkeun
Henteu beunang ku disabaran
Alah ieu, Ku nongtorogan
Indit isuk kurunyung geus subuh
Matak tunduh mukakeun tulak
Batin nyeri ceurik sorangan
Alah ieuh, téga téh teuing
Nyeri-nyeri nyeri moal beunang di ubaran
Kajeun tutumpuran paeh ge di pakalangan
Meumpeung ngora kénéh
Meumpeung urang can batian
Pék geura serahkeun
Talak tilu sakalian
Henteu butuh jelema curaling
Boga rasa tah ieu aing
Henteu robah teu eling-eling
Alah ieuh, badéga teuing
Nyeri-nyeri nyeri moal beunang di ubaran
Kajeun tutumpuran paéh gé di pakalangan
Meumpeung ngora kénéh
Meumpeung urang can batian
Pék geura serahkeun
Talak tilu sakalian

Béntang Sagara
Lyrics : Surya Fikri Asshidiq
Music: The Panturas & Ricky Surya Virgana

Béntang ting baranang
Nu ngalintang dina sukma
Ngampar anu geus liwat
Mimitina
Dalingding kembang kasturi 
nyampak di kahyangan 
Ayeuna, nyaksrak tunggara 
di mana-mana
Kacida
Meuntas Khatulistiwa
Sasadu muntang samudra
Unggal datang purnama
Nyampak ombak, guar carita…
Kalinglap raga dina lamunan
sasambat neangan kabagjaan
dayung layung ka tungtung muara
Nyanghareup lautan panghampura
luhurna gunung, lega samudra
Kalangkangna gapura sawarga
Muntang balik ka asalna
Kalinglap raga dina lamunan
Sasambat neangan kabagjaan
Dayung layung ka tungtung muara
Nyanghareup sagara panghampura
Luhurna gunung, lega samudra
Kalangkangna gapura sawarga
Silanglang béntang miceun nalangsa
Tanda muntang balik ka asalna

Leave a Reply

Your email address will not be published. Required fields are marked *